Sabtu, 23 November 2013

Sawer Budaya

1. Nyukcruk galur ti karuhun
    Nutur lacak para wali
    Nyambung ka bala rea
    Titinggal ti nini aki
    Ngawaris kabudayaan
    Seni sunda sawer asli

2. Seni sunda pikeun suluk
    Gambaran siloka diri
    Hirup ulah kajongjonan
    Mawa diri sing taliti
    Satincak make pikiran
    Pikiran ieu pepeling

3. Pepeling jalan pituduh
    Nuduhkeun diri sing lilir
    Hahalang lugay disinglar
    Mun hayang salamet diri
    Di dunya ukur ngumbara
    Peupeujeuh sing repeh rapih

4. Repeh rapih nu salembur
    Ka cai jadi saleuwi
    Ka darat jadi salogak
    Pageuh pakuat-pakait
    Ulah ingkah bali-lahan
    Ancrubna ngajadi hiji

5. Ngahiji ngajadi dulur
    Sadaya mahlukna Gusti
    Hubungan sabilulungan
    Kedalkeun katineung ati
    Ka ibu sareng ka rama
    Neneda ka Maha Suci

6. Neda agung cukup lumur
    Neda jembar pangaksami
    Bilih aya kalepatan
    Wireuh ayeuna sim kuring
    Nyawer anu pangantenan
    Nyanggakeun mugi ditampi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar